27 Februari 2009

Panineungan Urang

LABUH rasa lebur cinta. dina galengan nyampay carita. tutundaan baheula: basa leungeun anjeung raket nangkeup cangkeng. pagegeye mapay sisi sawah. paguneman diselang ciwit-cikikik. dunya nu urang, pinuh warna katumbiri.

lebah tampian urang reureuh. cai entuk herang marahmay. suku ucang angge kukucibekan. panas ilang, rasa reureug nyaliara. ngadon silih paling deuleu baru teu kendat ngabaledogkeun imut.

ka lebah lalamping pasir urang silih rangkul taktak. ngadurenyomkeun pikahareupeun. soal rencana jumlah anak jeung bentuk imah.(*)

Tidak ada komentar: