23 Februari 2009

Basa Layung Hibar

basa layung hibar
meberkan endah
urang teu malire
ukur seuri garogonjakan
mandi kesang, guyang kesenang
sore salawasna sampurna
di tempat eta: lapangan hareupeun kaum
maen bal, baren, ucing-ucingan

basa dur bedug
urang rikat kacai
teu mandi, ukur susuci
jadi ma'mum bau kesang
pa ustad, nu ngawuruk ngaji ba'da magrib,
mindeng kukulutus: mere nasehat soal kasucian
tapi urang teu malire
isukan lulumptan deui, maen bal deui

duh, pangalaman endah
dongengkeunen ka anak incu
pososore kiwari
lapangan masih rame
tapi bada magrib, masigit sepi nu ngaji(*)

Tidak ada komentar: