22 Februari 2009

Sasak Ciwayang

gulidag rongkah di tungtung jurang lungkawing
letah cai raksasa arang herang
ngagempuran batu batu rohaka
pabalatak lir kebo raksasa
ngadadago mangsa
loba carita, rea puringkak
tiap liwat hate tagiwur
ciwayang
jungkrang jungkrang kapaur(*)

Tidak ada komentar: