22 Februari 2009

Emut ka Bapa

kungsi basa pakanci
aya cireumis na pucuk jukut
liuh sarangnge nganteur lengkah
ka kebon harepan di tungtung lembur
pesemon anjeun basajan
teu kendat ngaharewoskeun sumanget
: ukur satapak peucang, tapi nu urang
keur numbu hirup, nambah harepan

di tengah huma
anjeun taya reureuhna
ngucurkeun kesang teu bosen bosen
melak cau, ngoyos kalapa
: hirup teh nyengcelangan, sampeureun jaga

sore dipirig sora tonggeret
urang mulang:
manggul suluh, ngajingjing sampeu beuleumeun
ema ngahiap hiap budi marahmay

asa karek kamari
padahal geus kaliwat sababaraha mangsa
bapa teh geus lila ninggalkeun
tapi kalangkangna teu incah balilahan
napel na ingetan
salawasna mapatahan bari langsung nyontoan(*)

Tidak ada komentar: