17 Februari 2009

Hariring Kasmaran

lain jentreng kacapi, lain gelik suling
ukur wirahma angin
ngusapakan dangdaunan
ngahariringkeun endah
mirig lengkah urang
mapay jalan satapak, sela-seka liuh tatangkalan
ramo patarema
reret paamprok saliwatan
taya ucap nu kedal
tapi hate pada surti
poe ieu dunya boga urang duaan
muga salawasna(*)

Tidak ada komentar: