23 Februari 2009

Pakarangan

ukur tangkal jambu jeung balingbing
taya ros, taya malati
sacangkewok, salega dius implengan
jadi kanvas pangudar lamunan
nu laluncatan tina dongeng jeung lambaran carita
kuring, anjeung, sauyunan: sasaungan, teterekelan, ucing-ucingan
kiwari urang pajauh
kajiret pinasti sewang sewangan
naha anjeun masih inget
buruan ipukan panineungan(*)

Tidak ada komentar: