reureuh na mumunggang pasir
handapeun tembong atra:
sawah ngaplak hejo lendo
kamalir leutik mawa kahirupan
undeureun sakulawarga
bleg lukisan
ngalalakon budak kampung
ngimpi jadi urang kota
na talupuh sesa rinyuh
suku ngalengkah deui:
pencelut pasir, pudunan, pakebonan
tunjang barat beuki jauh tina implengan
ukur jadi katineung samar-samar
ahir tahun kamari
tunjang barat datang deui
ema semua ngalimba
kiwari sawah teh katalangsara
taya nu daek miara
ma'lum jauh jalan rumpil
: coba mun bapa maneh masih aya(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar