seungit kembang nyambuang
maledogkeun pikiran
ka mangsa katukang
girimis nu ipis
rancucud handapeun caringin
silih rames ramo
ngusir tiris nu nyaliara
harita kencan urang nu katilu
dua bulan saprak jonghok mimiti
ahirna jadi panungtungan
hubungan urang
: jungkrang lebar
hamo kalengkahan
urang beda jalan, lain kayakinan
omongan anjeun ngoncrang deui
basa suku ngalengkah
saparanparan ka sakuliah taman
anjeun nu tumetep na kayakinan
kiwari geus taya dikieuna
nyambut elmaut di jalan jihad(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar