meureun moal aya katumbiri
ukur hujan nu malidkeun cimata
na tungtung poe
basa urang teteg: ngelengkah jalan sewang-sewangan
asih urang kungsi nyanding
na taman penuh warna endah
hanjakal teu lana
laas ditincak waktu
nu kawasa misahkeun urang
nu beuki peuteukeuh
na ego masing-masing(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar