04 Maret 2009

Sarangenge Lugay di Surabaya

keur :D

anjeun imut, ipis
sarangenge rikat nguniang di lantey tilu
sadeupa ti monumen bambu runcing
ngirimkeun haneut, ngusapan dada
basa hujan ngetrokan jandela kaca

anjeun timpuh: jilbab bodas, raray cekas
panon seukeut ngodokan eusi dada
basa kuring maledogkeun gonjak

teu kabade: bet anjeun leah
pasosore ngajugjug bioskop
di tukanguen bale pemuda: paduduan, ratug tutunggulan
atawa ukur jero dada kuring?
buktina heuleut poe
anjeung nyodorkan peso
nurihan angen: abdi tos papacangan!

euh, teu pegat helok
naha kungsi aya sakotret cinta keur kuring
ngalanto na hate anjeun?(*)

Tidak ada komentar: