11 Maret 2009

Kalangkang Kota

kota teu kendat ngipuk kasimpe
na hate nu gudawang diturihan jahanjakal
sora sora patembalan
patariktarik: motor, mobil, haok jalma
jadi balati nurihkeun jepling
jeroeun ati: sepi mamring
lampu lampu hurung mancur ngusir pepedut
ngadon mondok jeroeun dada: baluweng
kamana suku ngalengkah
kalangkang anjeun terus narembongan
dina pasemon nganaha naha
beuki lila beuki atra
lir ngelipet waktu nu geus ngajawul jauh
ti saprak anjeun perlaya
na tungtung kuciwa
basa cinta kasilih serab dunya(*)

Tidak ada komentar: