--keur: L
seja nganggit dangding
haturaneun salira
kiwari duka dimana
hayang ngotretkeun katineung
basa pada pada beureum beungeut
di sisi walungan tenang herang
digonjak batur ngaliwet
harita urang cangcaya
naha cinta atawa era
mun dipoyok jebul nyeuneu
maklum bau jaringao
mindeng inget, tapi milih malipir
nyingcetan pertemuan jeung salira
basa umur nambahan
mindengn muncul heran:
ngaran anjeun lir hariring
ngageterkeun eusi dada
tiap disebut: samar polah, samar rampa
waktu akhirna teu panuju
misahkeun duriat
urang pajauh, muru takdir sewang sewangan
tapi teu rek baha
nepi ka kiwari mindeng jebul harepan
hayang bisa tepang sono
jonghok: ngadadar endah panineungan
ngagulkeun bati sewang sewangan
anjeun tilu budak, kuring geus dua(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar