04 Maret 2009

Sunda nu Karunya

panggung geus lekasan
layar geus diturunkeun
urang palastra: ngapar ngababatang
bleg tegalan bubat

tatar pasundan masih loba jirim
ngaler ngidul
tapi teu nyesa sunda:
basa kasedek deungeun
budaya nyesa dina rak buku
jeung museum

lalakon kaburu tamat
basa sabaraha taun
urang milih api lain(*)

Tidak ada komentar: