29 Maret 2009

Boa

meureun hate nu kingkin ku kasimpe
boa angen-angen nu terus dirobeda panasaran
ngabeungkeut carita urang: lugay di senayan

dina amparan jukut hejo, dina iuh-iuh tatangkalan sisi jalan
aya rasa nu sirungan
kasiraman mindengna paduduan
kagemukan leukeunna silih udar kahanjakal

tapi kapan jalan teh tarahal
bongan rasa urang tumuwuh di tempat terlarang
kuring geus aya nu boga, anjeun oge sarua
ah....(*)

Tidak ada komentar: