10 Maret 2009

Ciawi

ampir tasik
beus diganggayong pengkolan tanpa tungtung
luak-leok, nanjak-mudun
jandela jadi figura: lukisan sawarga

pikiran laluncatan
mapay galengan sawah hejo lendo
malipir gulidag kamalir
ngudag ngudag hariring nu nitih angin
gelik suling jentreng kacapi
tembang alam pasundan
sumeleket jeroeun dada

ampir tasik
angen angen heubeul kahudang deui:
boa bagja hirup di desa(*)

Tidak ada komentar: