15 Maret 2009

Kaasih Urang

pinuh warna
najan lain katumbiri
cinta urang
kakapeungan nambah-ngurangan

kabungah mindeng kacandet kuciwa
tapi kahanjelu
oge tara kateterusan

sakapeung kasedek ambek
sagala asa geus meh pungkasan
tapi basa pada sadrah
dunya asa moal bakal lekasan

lir momobilan ka pagunungan:
luak-leok, naek-turun
kaasih urang nandang tarahal kahirupan
beuki asak, beuki nambah, beuki endah(*)

Tidak ada komentar: