29 Maret 2009

Tragedi Gintung

cai nu rohaka
subuh subuh ngebadehkeun cimata
basa bendungan rungkad
nyebarkeun sasalad

gintung
saha nu ngabade
situ asri, taman tumaninah
tanpa ilapat
ngirimkeun caah rongkah
ngipuk kapeurih
cimata getih

meureun pepeling
supaya urang tetep eling
hirup teh bisa gancang anggeusan
boa sukan boa iraha(*)

Tidak ada komentar: