23 Maret 2009

Dangding Katineung (revisi)

Keur: L

asa hayang nganggit dangding
keur salira duka dimana
seja mipit katineung
tina buruan sakola, rohangan kelas,
jeung sisi walungan tenang herang
tapak tapak urang baheula

harita urang cangcaya
naha cinta atawa era
mun dipoyok jebul nyeuneu
meureun pedah bau jaringao
mindeng inget, tapi milih malipir
inggis jonghok sieun bingung

basa umur nambahan
ngaran anjeun jadi hariring
salawasna ngageterkeun dada
tiap disebut: samar polah, samar rampa

waktu jeung ruang
akhirna nyontang duriat urang
tapi teu rek baha
kiwari masih kaipuk harepan
hayang bisa tepang sono
urang jonghok:
ngadadar endah panineungan
ngagulkeun bati sewang sewangan
anjeun tilu budak, kuring geus dua(*)

Tidak ada komentar: