01 Maret 2009

Sadrah di Tungtung Peuting

peuting muru ka tungtung
jempling ngirimkeun sorasora ti kajauhan:
jangkrik, anjing, jeung manuk peuting
mirig hariring jero kalbu
panon mumul peureum
tapi bangbaluh geus ucul
kakarek bieu, sadrah datang nyaliara
hirup kapan ukur wawayangan
kunaon make rempan ditinggal anjeun?
pageto pasti aya deui mojang nu ngalanto
jung, jung, ari enya geus teteg mah
tong teuing mandeg mayong
bral, teangan lalaki nu cintana leuwih ti aing
mun teu manggihan
poma ulah datang deui bari balilihan(*)

Tidak ada komentar: